A. Nyangkem babasan jeung paribasa
Babasan jeung
paribasa salah sahiji karya para karuhun bujangga sunda nu mibanda sistem anjen
inajen aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman. Paribasa jeung
babasan ditilik tina tingkatan budaya
kaasup kana tingkat karsa,anu eusina ngadung rupa-rupa maksud enggoning
ngahontal kadamean, kaengtreman, kaadilan, panyalindungan
dina nyorang parobahan budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik
kana eusina bisa di bagi jadi tilu kelompok, nyaeta wawaran luangan, pangjurung
laku hade,jeung panyaram lampah salah.
Paribasa wawaran
luang eusina ngadung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieuteungeun.
Picontoeun gambaran laku hade sangkan jadi tuladeun milimph kahadean,sedangkeun
pieuteungeun mah jadi gambaran laku
goreng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Geura
ieu contoh di handap:

1).uyah mah tara tees ka luhur
Hartina: tabiat nu jadi
anak moal pati jauh jeung tabiat kolotna
2). Uncal tara
ridueun ku tanduk
Hartina: boga elmu
pangeweruh mah moal hese mamawa
3). Wiwirangan dikoloncatang nya gede panjang
Hartina: ngalaman hiji
kajadian anu mantak pikaeraeun
4). Umur gagaduhan, banda saapiran
Hartina: umur jeung
harta banda hakekatna milik Allah swt.
5). Ungguh
balewetangan
Hartina: dibawa ka
pangadilan

6). ulah unggut
kalinduan,ulah gedeg kaaingan
Hartina: ulah sieun,kudu gede kawani
7). Ulah komoek memeh di pacok
Hartina: ulah waka
nyebut teu sanggup saacan di coba
8). Ulah incah balilhan
Hartina: ulah rek
ninggalkeun tapi kudu tetep satia
9). Ulah
nyengceurikan upih ragrag
Hartina: ulah popoyok ka
jalma nu geus kolot sabab urangge bakal ngalaman
10). Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka
picung
Hartina: ulah babarian
bosenan,tapi kudu satia salilana.

11). Kudu bisa
ngeureut pakeun
Hartina: kudu bisa
ngajejeuhkeun rejeki,kudu sina mahi
12). Kudu boga pikir rangkepan
Hartina: ulah
sabongbrong, kudu aya rasa curiga
13). Kudu hade gogod hade tagog
Hartina: hade basa jeung
hade tingkah laku
14). Kudu nepi memeh indit
Hartina: kudu
dirancanakeun kalawan asak
15). Kudu bisa kubula kabale
Hartina: kudu bisa mawa
awak.
B.
WAWANCARA
Wawancara teh hiji
kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat. Wawancara mah biasana
dilakukeun ku wartawan,reporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu meunang informasi penting ti sauranng
atawa sakelompok jalama nu jadi narasumber. Jadi,tujuan wawancara nyaeta pikeun
menangkeun informasi ti narasumber.
Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua arah. aya nu nanya
aya nu ngajawab, samemeh ngalakukeun wawancara kudu tatahar heula nyusun
sajumlahing pananya ngeunaan materi nu
rek di tanyakeun ka narasumber. Narasumber teh jalma nu baris dipenta
kateranganan.
HAL
NU KUDU D PERHATIKEUN NALIKA WAWANCARA
1. Nangtukeun
tujuan
2. Nangtukeun
topik wawancara
3. Nyusun
pertanyaan
4. Menta
idin ka narasumber
5. Ngawanohkeun
diri ka narasumber
6. Nepikeun
maksud ngawawancara
7. Nanya
kalawan jelas
8. Nyadiakeun
catatan jeung alat rekam
9. Ulah
lia teuing atawa saperluna
C.
WARTA
Kecap
warta teh ngandung harti beja, bewara,atawa informasi.nepikeun warta hartina
neupikeun beja. Kecap warta asalna tina basa sansekrta, nyaeta beja atawa kabar
barita. Hidep kungsi nngadenge kecap
kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneeuhna dina
waktu nu geus ditangtukeun,upamana poeana,
mingguan, bulanan. Kalawarta oge bisa
dihartikeun koran, majalah,atawa
tabloid.
Kiwari mah warta teh
leuwih lulasa tur leuwih canggih ditepikeunana teh, sajaba ti koran, majalah,
tabloid, radio,televise ,telepon,oge geus bisa dibandungan
dina internet.
Tujuan Warta
Pikeun
nepikeun beja, pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Ku
lantaran tujuanna rupa-rupa, nya istilahna oge rupa-rupa deuih.
Nilik dumasar cara
nepikeunana mah warta teh dibagi jadi sababaraha wanda, nyaeta straight news, depth news, soft news,
jeung reportase.
1) Straight
news atawa warta langsung, nyaeta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu
sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun bahasa nu lugas
ngarah babari kahartina ku nu narima. Eta warta samodel kitu teh sok disebut
oge hard news ataawa spot news.
2) Depth
news nyaeta warta anu dipdangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna oge
sok ditambahan ku informasi sejenna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung
peristiwa nu keur kajadian
3) Soft
news atawa warta hampang mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa ramena
warta, tapi leuwih mentingkeun kana aspek kakmanusannana (human interest). Ari
nu disebut human interest nyaeta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa
empati masyarakat kana hiji peristiwa.
4) Feature,
feature story, investigation news atawa warta kisah nyaeta warta anu
dilengkepan ku kasang tukang hji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya
basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rsa nu narima eta warta,umpana nimbulkeun
rupa-rupa rasa nu namina eta warta
5) Reportase(interprative
news) nyaea ngalaporkeun warta nu ditambahkeun ku pamanggih
panalungtik/pangamat jeng sumbur tinulis sangkan nu narimaata warta ngarsa
sugema sebab meunang data,pakt,atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep.
6) Opinion
news nyaeta warta nuu dilengkepan ku pamadegan nu nulis kahiji peristiiwa tur
kahiji kjadian.
MACEM WARTA
1).
Warta tertulis
Warta anu di tepikeun
ngagunakeun basa tulis bisana wangun mediana mangrupa koran(surat
kabar),tabloid,atawa majalah
2).
Warta lisan
Warta nu ditepikeun
secara lisan bisa ngagunakeun media pengeras,radio,televisi,telpon,jeung
sajabana.
TUGAS MANDIRI TERSTRUKTUR
A. Pilihan
Ganda
1.
Paribasa wawaran luang eusina ngadung
maksud pikeun…..
a.
Picontoeun
laku lampah d. Nyindir
b.
Ngabejaan
berita e. Nyarita
hiji kajadian
c.
Bewara
2.
Uyah mah tara tees kaluhur, paribasa eta ngandung harti …..
a.
Boga
elmu moal hese mawana
b.
Ulah
sieun, kudu gede kawani
c.
Tabiat
anak moal jauh ti kolot
d.
Ulah
popoyok ka jalma
e.
Ulah
adigung
3.
Nalika
urang rek ngulik informasi, hal nu kudu dilakukeun nyaeta….
a.
Biantara d.
Wawancara
b.
Babasan e. Warta
c.
Wawaran
4.
Warta
teh ngandung harti….
a.
Tanya
jawab d. Picontoeun laku lampah
b.
Nyindir
ku tulisan e. Bewara
c.
Iklan
5.
Dihandap
ieu nu kaasup warta tulis, nyaeta….
a.
Majalah d.
Telepon
b.
Radio e. Internet
c.
Tv
B. ESSAY
1.
Jelaskeun anu dimaksud babasan jeung paribasa !!
2.
Uncal
tara riduen ku tanduk. Paribasa eta ngandung harti..!
3.
Tuliskeun
naon wae hal nu kudu diperhatikeun nalika urang ngalaksanakeun wawancara!!
4.
Jelaskeun
nu dimaksud warta !
5.
Tuliskeun jeung jelaskeun macam warta !!
JAWABAN
A.
PILIHAN
GANDA
1.
A
2.
C
3.
D
4.
E
5. A
B.
ESSAY
NO
|
JAWABAN
|
SKOR
|
1.
|
salah
sahiji karya para karuhun bujangga sunda nu mibanda sistem anjen inajen
aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman
|
2
|
2.
|
boga
elmu pangeweruh mah moal hese mamawa
|
2
|
3.
|
Nangtukeun tujuan
Nangtukeun topik wawancara
Nyusun pertanyaan
Menta idin ka narasumber
Ngawanohkeun diri ka narasumber
Nepikeun maksud ngawawancara
Nanya kalawan jelas
Nyadiakeun catatan jeung alat rekam
Ulah lia teuing atawa saperluna
|
4
|
4.
|
warta
teh ngandung harti beja, bewara,atawa informasi.nepikeun warta hartina neupikeun
beja. Kecap warta asalna tina basa sansekrta, nyaeta beja atawa kabar barita.
|
3
|
5.
|
Warta tertulis
Warta
anu di tepikeun ngagunakeun basa tulis bisana wangun mediana mangrupa
koran(surat kabar),tabloid,atawa majalah
Warta lisan
Warta
nu ditepikeun secara lisan bisa ngagunakeun media
pengeras,radio,televisi,telpon,jeung sajabana.
|
4
|
0 komentar:
Posting Komentar