Minggu, 04 Maret 2018

MATERI BAHASA SUNDA KELAS X

DONGENG
  A.    PANYUNGSI BASA
Dongeng nyaeta carita rekaan nu anonimus dina wangun basa lancaran. Maksudna rekaan the lantaran dina dongeng mah kalakuan jeung paripolah palakuna sok pamohalan. Ari anonimus maksudna dongeng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna.

CIRI-CIRI DONGENG
1.      Sumaberna secara lisan
2.      Teu kanyahoan saha nu ngarangna
3.      Ngagunakeun basa lancaran
4.      Eusi caritana mangrupa rekaan
5.      Ukuran ilaharna pondok
6.      Ngandung ajen atikan.

STRUKTUR CARITA DONGENG
Unsur carita nu ngadeudeul dongeng ngawengku ieu di handap.
a.       Jejer (tema)
Tema nyaeta ide, gagasan,atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
b.      Latar (setting)
Latar atawa setting nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
c.       Palaku (tokoh)
Palaku atawa tokoh nyaeta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuan,atwa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita.
d.      Galur (alur)
Galur atawa alur nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka pangleunjeur.
e.       Amanat (pesen)
Amanat atawa pesen nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.

PAPASINGAN DONGENG
Tina sajumlahing dongeng anu sumebar dimasyarakat, biasa dipasing-pasing jadi sawatara bagian.
1.      Fabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalayan paripolahna saperti manusa. Upama wae bias nyarita jeung bias mikir. Contona : dongeng “gajah jeung sireum”, dongeng “gagak haying jadi merak”
2.      Parabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun tapi lenyepaneun. Contona : dongeng “si kabayan ngala nangka”.
3.      Legenda atawa dongeng sasakala, nyaeta dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa asal muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona : dongeng :legenda tangkuban parahu”
4.      Sage atawa dongeng babad, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah. Contona : dongeng “sangiang borosngora, dongeng “kian santang”
5.      Mite atawa dongeng kapercayaan, nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib. Contona : dongeng “nyi roro kidul”

B. SAJAK

  1.         Pangertian Sajak
 Sajak nya eta salah sahiji karya sastra.Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada seperti dina pupuh atawa sisindiran.
2.      Unsur-Unsur Sajak
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran,rasa,jeung gagasan pangaran,nu diteupikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoe,bias oge ukur rekacipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah. Eta unsur-unsur diantarana:
a.       Adegan Lahir
 Adegan lahir nya eta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, diantarana:
1.            Wangun Sajak (Tipografi)
         Sajak teh ditulisna beda-beda, upamana wae aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna.
2.            Pilihan Kecap (Diksi)
        Sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna.
3.            Citraan (Imaji)
         Citraan atawa imaji teh nya eta pangaruh kecap ka nu maca sajak.
4.            Gaya Basa (Figuratif)
         Gaya asa dina sajak teh bias ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
5.            Purwakanti
         Padekeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah.


b.      Adegan Batin
Adegan batin sajak mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. Carana bias dibaca sabaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna
1.         Jejer (Sense)
       Jejer teh pokok pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa tema teh gagasan poko anu rek diteupikeun ku panyajak ka nu maca.
2.         Rasa (Feeling)
       Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
3.         Wirahma (Tone)
       Nada teh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
4.         Amanat (Intention)
       Amanat teh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Hartina urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.

3.         Wanda Sajak Epik jeung Lirik
a.          Sajak Epik
Sajak epik teh sajak anu sifatna ngalalakonankeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak epik mah biasana panjang. Ku lantaran sifatna ngalalakonan, dina sajak epik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna,jeung kumaha pamustunganana.
b.         Sajak Lirik
 Beda jeung sajak epik anu ngalalakonan, sajak lirik mah henteu ngalalakonan.

  

TUGAS MANDIRI TERSTRUKTUR

A.       PILIHAN GANDA
1.      Dongeng mah biasana caritana ngandung unsur…
a.       Sajarah                                                   d. Mijalma
b.      Kapercayaan                                          e. Kabudayaan
c.       Rekaan
2.      Sikabayan ngala nangka kaasup kana dongeng…
a.       Pabel                                                      d. Mite
b.      Parable                                                   e. Sasakala
c.       Babad
3.      Dihandap ieu nu kaasup dongeng Mite nyaeta….
a.       Nyi roro kidul                                        d. Kian santang
b.      Si kancil jeung gajah                              e. Sikabayan ngala nangka
c.       Tangkuban parahu
4.      Purwakanti dina sajak nyaeta….
a.       Padalisan                                                d. Padeukeutna sora kecap
b.      Pangaruh kecap                                      e. Amanat
c.       Gaya basa
5.      Dihandap ieu  kaasup adegan batin sajak. Iwal…
a.       Jejer                                                        d. Amanat
b.      Rasa                                                       e. Purwakanti
c.       Wirahma

B.              ESSAY
1.      Jelaskeun nu dimaksud dongeng !!
2.      Tuliskeun struktur carita dongeng !!
3.      Jelaskeun nu dimaksud dongeng pabel jeung parabel !!
4.      Jelaskeun nu dimaksud adegan lahir jeung batin nalika maca sajak !!
5.      Jelaskeun nu dimaksud sajak epik !!





JAWABAN
A.    PILIHAN GANDA
1.      C
2.      B
3.      A
4.      D
5.      E

B.     ESSAY

NO
JAWABAN
SKOR
1.
Dongeng nyaeta carita rekaan nu anonimus dina wangun basa lancaran. Maksudna rekaan the lantaran dina dongeng mah kalakuan jeung paripolah palakuna sok pamohalan. Ari anonimus maksudna dongeng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna
3
2.
a.      Jejer (tema)
     Tema nyaeta ide, gagasan,atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
b.      Latar (setting)
      Latar atawa setting nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
c.      Palaku (tokoh)
      Palaku atawa tokoh nyaeta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuan,atwa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita.
d.     Galur (alur)
     Galur atawa alur nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka pangleunjeur.
e.      Amanat (pesen)
     Amanat atawa pesen nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.
5
3.
Fabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalayan paripolahna saperti manusa. Upama wae bias nyarita jeung bias mikir. Contona : dongeng “gajah jeung sireum”, dongeng “gagak haying jadi merak”
Parabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun tapi lenyepaneun. Contona : dongeng “si kabayan ngala nangka”.
4
4.
Adegan lahir nya eta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna
Adegan batin sajak mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. Carana bias dibaca sabaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna
4
5.
Sajak epik teh sajak anu sifatna ngalalakonankeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak epik mah biasana panjang. Ku lantaran sifatna ngalalakonan, dina sajak epik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna,jeung kumaha pamustunganana
4



Related Posts:

  • MATERI BAHASA INDONESIA KELAS X Modul Bahasa Indonesia Kelas X Semester 2 1.      Negosiasi a.       Pengertian Negosiasi adalah sebuah bentuk interaksi yang berkaitan tawar-menawar dengan jalan … Read More
  • MATERI PKn KELAS XI ANCAMAN TERHADAP INTEGRASI NASIONAL Perlu kalian ketahui, bahwa posisi silang negara Indonesia tidak hanya meliputi aspek kewilayahan saja, melainkan meliputi pula aspek-apek kehidupan sosial, antara lain: 1. Penduduk I… Read More
  • MATERI BAHASA INDONESIA KELAS XI Modul Bahasa Indonesia Kelas XI Semester 2 1.   Karya Ilmiah a.       Pengertian Karya ilmiah laporan tertulis dan diterbitkan yang memaparkan hasil penelitian atau pengkajian ya… Read More
  • MATERI BAHASA INGGRIS KELAS X MODUL BAHASA INGGRIS TINGKAT X GOOD MORNING Illustration : In our daily life, we often need to greet someone, to introduce ourselves and other person and to express thanking. That’s why you need to learn this unit. It wil… Read More
  • MATERI PKn KELAS X Memahami hubungan struktural dan fungsional pemerintah pusat dan daerah menurut Undang-Undang tahun 1945 1.    Pengertian otonomi daerah      Otonomi daerah di Indonesia adalah hak, wewen… Read More

0 komentar:

Posting Komentar

Copyright © 2025 Pendidikan Jarak Jauh (PJJ) | Published By PJJ-SMKN 1 Padaherang | Powered By Google

Heri Rif      Up ↑